Pangwangunan di Kabupatén Kuningan, Kudu Mampuh Ngawedelan K...

image description
icon - Oleh Redaksi

Pangwangunan di Kabupatén Kuningan, Kudu Mampuh Ngawedelan Karakter Daérah

Acara : Wilujeng Énjing Jumaah 4 Séptémber 2026

Penyiar : Rahayu

Gubernur Jawa Barat Dedi Mulyadi, dina ngawangun Kabupaten Kuningan henteu semet museur kana infrastruktur, tapi ogé merhatikeun kana lingkungan, tata ruang, jeung palayanan publik.

Éta hal dikedalkeun ku ku Gubernur KDM dina Sidang Paripurna DPRD Kabupaten Kuningan dina raraga Milangkala ka-528 Kuningan di Gedong DPRD Kabupaten Kuningan, Salasa 1 Séptémber 2026.

KDM nyontokeun, dina ngabebenah jalan henteu semet diaspal, tapi ogé kudu ditunjel ku pembangunan drainase, penerangan jalan umum, CCTV jeung ngokolakeun kabersihan lingkungan.

Numutkeun KDM, pangwangunan di Kabupaten Kuningan kudu mampuh nyiptakeun Kawasan nu nyaman, pikeun ngawedelan karakter daérah, nyiptakeun kawasan anu nyaman mareng jeung tarékah ngawedelan karakter daérah.

Tags: